Surat Cinta Bahasa Sunda

              Subang,  10 April 2012


              Kahatur
              Dumanteng ing jeng ra’i
              Nyi Iteung
              Nu janten jungjunan ati
              Pilinggahing
              Di Bandung
Salam Sono
Ti nu mika meumeut
Ieu serat mugi kahonjuk, hing pangersa pangkon gusti. Kembang soca buah rasa panyimpai pamatri ati . Pabrik adil nu linduwih gudang sobar pinandita. Jungjunan engkang piunjuk.
Ti wit tepang, engkang keketugan ati. Malih ti dinten kamari asa leuleus tulang sendi emut bae ka salira. Yakin engkang the tos kapentang panah asmara, cinta taya papadana.
Duh…..jungjunan..!!! Engkang nguyung gering nangtung ngalanglayung, heunteu puguh rarasaan. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo, lauk asa pangrautan, buruan asa layuan. Ti peuting sok sering nyaring kawas jalma nu teu eling, guguling nu di gugulung di jieun tilam ka eling.
Paingan ceuk paparikan “peuyem sampeu sacarangka teu beunang di katokokeun, beunta karasa teu beunang di popohokeun. Kacimahi meser balpen ka gudang rek nyandak zamzam, mun weungi sering ka impen siang sering ka picamcam”.
Engkang teh maksakeun diri ngintun serat ka salira, tina banget pisan panasaran. Ka enden bade narosan mugi henteu bendu galih sareng henteu rengat manah, mugi kersa maosna ieu serat sareng pamugi di tampi eta harepan kahiji. Duh jungjunan buah rasa kembang soca.
Engkang teh wakca balaka cinta taya papadana, ibarat gula jeung aamisna moal aya nu bisa misahkeun, kitu ibaratna. Serat nu janten wawakil ti engkang nu hulang huleng jentul mgabudalkeun eusi hate nu teu paler saban poe. Kamana nynyiar paying sakieu panas poena, kamana nyanyiar duyung sakieu panas hatena.
Isina engkang kalankung nyarioskeun tos ka duyung, mugi teu kiat nandangannana emut bae ka salira emut teu aya kendatna. Engkang ngahuleng jentul cicing sorangan kos tunggul, ngahiliwir aya angin sora nu ngaharewosan, dasar ka bungbuleungan disangka eta teh harewos enden.
Daun cau ka anginan jiga enden ngagupayan, duh…… jungjunan..!!! ka cinta engkang ka enden, cinta nu munggaran pisan, sanaos serebu kebet asa moal seep tulis nembongkeun kasatiaan tina soal percintaan.
Mun teu kapalupuh nangtung
Matak ngajampana bugang
Upami teu ka pimilik
Engkang tetep panasaran
Kacimahi meser pare
Humut jahe anu ngora
Mun weungi teu bisa sare
Emut bae ka salira
Mugi enden teu janten ka abotan maos serat ti engkang nu papanjangan, saeusining kalbu engkang dibudalkeun. Salajeungna engkang teh emut kana gugurintan pupuh asmarandana anu kieu ungkarannana :
Pamuragan jati piring
Terusan desa pagundan
Laju ka kuningan bae
Cisantana panulisan
Cihideung jeung wanayasa
Aya haur pinggir sumur
Kubang tengah pasawahan
Jungjunan kumaha kuring
Rarasaan asa gundam
Laleusu tenangan bae
Keukeuh nineung jeung nalangsa
Ari ras kararasaan
Sok leuheung dicabut umur
Tinimbang jeung pipisahan
Duh jungjunan……!!!!!
Eusi eta pupuh keuna pisan ka engkang, kitu pisan kaayaan engkang teh persis pas pisan. Leuleupeutan leuleumeungan di arah kejo poena, deudeukeutan reureujeungan teu jauh saban poena. Jungjunan engkang hampunten lambung saur bahe sora, mugi agung cukup lumur neda jembar hampurana.
Engkang nyuhunkeun ridhona diantos walonana kalintang pisan sonona sareng kalintang bingahna upami tos aya walonana.
Kasintu asup ka dapur
Maracokan kulub sepi
Sakitu nu kapihatur
Pamugi jungjunan nampi
Salam baktos
Nusono taya kendatna
Herly Poetra Al Vawanie
 
 Sumber :http://lili-suherli.blogspot.com/2012/04/surat-cinta-bahasa-sunda.html
 

1 Comments

S Pink Premium Pointer Cool Blue Outer Glow Pointer