Sipat/Kalakuan Jalma Bahasa Sunda

Adigung  : Takabur, boga rasa punjul ti batur.
Agul  : Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangaboga
Ancad laer  : Nyaritana anca pisan atawa laun.
Angguklung  : Gede hulu, adigung.
Ancin  : Cemi, daharna saeutik.
Aral  : Teu sugema ku kayaan.
Andalemi  : Lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna.

Balabah  : Berehan, daek barang bere kabatur.
Bahula  : Teu nurut kanu parentah.
Basangkal  : Budak nu teu nurut ka kolot.
Baragajul  : Sesebutan ka jalma anu kalakuanna teu eucreug.
Banci  : Lalaki anu kalakuanana cara awewe.
Baketut  : Pasemon nu camberut, goreng budi, goreng semu.
Basilat  : Licik, teu jujur, curang.
Bakakasikang  : Awewe anu kalakuananacara lalaki.
Bangor  : Nakal, badeur, pikasebeleun, teu nurut kana panyarek.
Barangasan  : Babarian ambek.
Bawel  : Cerewed, loba ngomong (awewe)
Berewit  : Babarian katerap panyakit, mindeng gering, atawa budak nu rea kahayang tur hese dicumponana.
Bedang  : Wangkelang, begedong, murugul mawaa karep sorangan.
Binekas  : Perceka, pinter, loba pokal nu aralus, kreatif.
Bodo  : Belet, kuled uteuk, hese ngarti, hese diajar.
Biko  : Bodo
Binangkit  : Cakep, rea kabisa.
Boyot  : Kendor (leumpang) bangun barerat awak.
Bodo Alewoh  : Bodo tapi daek tatanya.
Bodo Katoloyo  : Bodo bari tara daek tatanya.
Bolon  : Can pati nyaho bebeneran, balata-baloto keneh.
Borangan  : Eweuh kawani

Calutak  : Saharti jeung caluntang
Calakan  : Babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu anyar.
Calimud  : Daek ceceremed, cocorokot, panjang leungeun.
Cakep  : Bisa milampah pagawean sakumaha mistina.
Caluntang  : Teu make bemakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun.
Campoleh  : Lelewodeh, henteu junun, lalawora kana gawe.
Canteng  : Tegep, gandang pertentang.
Careraman  : Budak nu kabitaan ku barang nu aya di batur, tuluy mentaaa.
Capetang  : Pinter tur lancar ngomong (biasana di larapkeun kana budak)
Celembeng  : Loba ngomong (Budak leutik)
Cerewed  : Awewe nu rewel, loba ngomong
Cidra  : Teu nohonan jangji, jalir.
Cileureun  : Balangah, teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga.
Cemi  : Daharna saeutik.
Cilimit  : 1. Budal nu resep ngaheureuyan (ka awewe) 2. Sok menta kadaharan nu aya di batur.
Cirigih  : Budak nu resep ngaheureuyan batur.
Cologog  : Kalakuan nu teu make tatakrama.
Cucud  : Milampah hiji hal kalawan terus terusan (leukeun) tepi ka jacungna, teu kapalang dina gawe.
Codeka  : Laku lampang goreng ka batur.
Cucungah  : Calutak, nyaluntang, ngalawan kana parentah kolot.
Cuih  : Sagala di beja beja, beuki teuing ngomong.
Culika  : Julir, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur.
Cudek  : Tungi, goreng budi, omonganana teu matak resep.
Culanggung  : Belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama.
Curaling  : Sok resep pullang-paling, teu beunang di percaya.
Cupet  : Bodo, heureut panalar.
Cumenos  : Budak nyanyahoanan.
Curang  : Licik, sok ngagunakeun akal tarekah kotor pikeun kauntungan diri sorangan.

Daria  : Migawe hiji hal kalawan enya-enya, teu lelewodeh.
Dahdahneng  :Budak kalakuanana sakapeung ngogo. Sakapeung ngagalakan.
Darugian  : Teu payaan, babari pundung (budak)
Dedegler  : Gampang teu teunggeul bari tara asa asa, taya rasasaan.
Degig  : Apilain ka nu geus wawuh, teu nanya nanya acan, sombong.
Deleka  : Julig, resep nyusahkeun batur.
Delitan  : Budak babari pundung, hese kacumponan kahayangna teu kaopan.
Dengki  : Goreng hate, sok nyilakakeun batur.
Deugeul  : Kurang ingetan.
Doroi  : Julig, resep nyilakakeun batur.
Dolim  : Nempatkeun perkara lain dina hakna, teu adil, bengis.
Durjana  : Jahat, goreng lampah.
Dursila  : Goreng lampang, teu ngendahkeun kasusilaan.

Elodan  : Babari kagoda ku sual sual sejen dina keur ngajalankeun papancen, henteu junun dina gawe atawa di ajar.
Epesmeer  : Babarian ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri.
Eucreug  : Bener, beres dina gawe jeung laku lampah.
Eusleum  : Rada gelo, kurang ingetan.

Gagabah  : Lalawora, kurang ati ati.
Gedebul  : Gede bohong, gede wadul.
Gelenye  : Awewe nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasana teu puguh adatna.
Gehgeran  : Nurutan omongan batur (bari reuwas)
Gebleg/Gelo  : Burung, teu waras ingetan.
Gentur  : Getol ngulik elmu, cucud, leket atawa sudud.
Geten  : Tulaten, nembongkeun ka jelema ( pangpangsa ka kolot).
Gejul  : Kurang ingatan.
Getol  : Daekan, daek atawa resep digawe.
Gujih  : Ngarasa punjul ti batur lantaran boga barang nu eweuh di batur.
Gorejag  : Babarian hudang.
Gumanti  : Ati ati, saregep.
Gumenak  : Memenakan, niron nrion menak sabab hayang disebut menak, adigung.
Guranyih  : Resep nembong nembongkeun barang kaboga atawa resep nukeur nukeurkeun barang nu anyar keneh dipiboga.

Haat  : Hade hate, resep migawe kehadean teu karana buruhan atawa pujian.
Harak  : Gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
Handap lanyap  : Hormat tapi matak nyentug kanu hate.
Handap Asor  : Daek ngahormat ka batur.
Haripeut  : Gancang narima pamere, kancang nurut kana pangajak.
Hariweusweus  : Haliwu, nyarita bari rada gugup lantarang manggih kareuwas, kasieun, atawa kaget.
Hasud  : Dengki, teu resep nempo batur senang.
Harung gampung  : Sompral, ngomong sangeunahna. Babarian ambek.
Hawek  : Hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang, panglobana.
Heman  : Nyaah bari sok barang bere atawa mindek ngalongokan.
Hianat  : Cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka musuh.
Hideng  : Nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoe dina waktuna, nyaho di tempat sorangan.

Jalingeur  : Tanginas, cangker
Jabat  : Goreng lampah, goreng patekadan.
Jalingkak  : Awewe nu boga tingkah kawas lalaki.
Jarambah  : Resep ulin atawa resep indit-inditan jauh.
Janglar  : Bisa nandangan kasusah, teu dipake nguluwut.
Jatmika  : Alus budi matak kayungyun.
Jatnika  : Mulya, senang.
Jeceh  : Reeus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur dipake, atawa mindeng nembongkeun barang kaboga( dilarapkeun kana kalakuan budak).
Jengle  : Budak awewe nu teu daek cicing, loba tingkah bari gumeulis.
Joledar  : Lalawora nyumponan kawajiban, teu tulaten ka nu jadi baraya atawa kolot.
Jete  : Gumeulis, teu daek cicing, supaya meunang perhatian.
Jucung  : Migawe hiji hal tepi ka rengse, beres tamat.
Jujur  : Tara nyumput-nyalindungkeun hiji pasualan, tara milampah serong, teu kagoda ku ruruba.
Judes  : Kucem, goreng budi, resep sesentak.

Karooh  : Mikahayang barang teu pira, barang saeutik, atawa nu eweuh pangajina.
Kancolah  : Loba tingkah.
Kecing  : Borangan, kasieunan.
Kedul  : Tara daek barang gawe.
Kesit  : Tangginas, gancang tur beres dina milampah pagawean.
Keukeureuweut  : Terus terusan ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di tangan batur kalawan satengah maksa.
Kodomoyo  : Boyot, sagala nu kendor (leumpang, digawe), henteu tanginas.
Koret/Kumed  : Medit, tara daek barang bere.
Kuuleun  : Taya guam, eweuh kadaek.

Lalawora  : Gagabah, teu ati ati, teu gumati.
Lancang  : Kurang ajar, teu sopan ka saluhureun.
Lanca-Linci  : Laca-lece, luncak mulang, teu tigin kana jangji.
Lelewodeh  : Lalawora.
Leleda  : Kendor, alon alon dina milampah hiji pagawean.
Leukeun  : Daek ngeureuyeuh digawe
Leumpeuhyuni  : Babari kapangaruhan, teu tahan gogoda.
Lihay  : Pinter kodek, loba akal bulus.
Limpeuran  : Pohoan ( nu geus kolot)
Linglung  : Limpeuran loba poho.
Linyok  : Kalakuan nipu atawa ngabohong.
Liwar  : Notorekkeun maneh, teu ngagugu kana parentah atawa pepeling.
Luhung/Linihung  : Luhur budi, mulya hate sarta luhur elmu panemu.

Mencedel  : Moyodok, goreng gawe, tara kabubuatan.
Medit  : Koret, tara daek barangbere.
Melid  : Kedul, mumulan, tara daek barang gawe.
Melencing  : Kedul, mindeng teu datang ka pagawean.
Merewedeng  : Kekeuh mawa karep sorangan.
Motekar  : Ngalampahkeun rupa rupa usaha pikeun nambahan kanyaho atawa pikeun ngomean nasib.

Nalaktak  : Budak nu resep ujlan ajlengan, tataeka jeung sajabana. Nu matak nyilakakeun.
Nakal  : Bangor
Ngekrek  : Koret, medit, tara daek barang bere.
Ngeleyed  : Nyabudi ucing, kawas nu lungguh tapi mun bongoh ti batur sok milampah pagawean nu teu uni.
Ngulet  : Resep hudang beurang, padahal geus nyaring.
Nurustunjung  : Notorogan, teu boga kaera matak cua.
Nirca  : Nista, nyimpang tina papagon agama jeung darigama.

Owel  : Ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana.

Pangeretan  : Awewe atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa banda ti jalma nu didiekuetna.
Pasagi/Masagi  : Sagal bisa.
Peupeuleukeuk  : Nonjolkeun maneh kawas nu pinter loba kabisa, jajagoanan, padahal henteu.
Pertentang  : Capetang, bisa nyarita, gandang.
Poksang  : Wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareupeunana tir tara didingding kelir.

Rapekan  : Daekan digawe migawe rupa rupa pagawean.
Rancage  : Cakep, rea kabisa.
Rancingeus  : Tanginas, cakep.
Rewel  : Loba omong anu matak pikapusingeun.
Rewog  : Gembul, daharna gancang tur loba.
Ririwit  : Geringan
Rucah  : Resep ngalajur napsu.
Rucita  : Binangkit, rea kabisa.

Sabar  : Tawekal dina ngarandapan kasusah atawa musibah.
Saliwang  : Sok salah denge atawaa salah harti.
Singer  : Hade gawe, hideng, tara nunggu parentah.
Sombong  : Gede omong, ngagulkeun maneh, takabur.
Someah  : Akuan tur amis budi, darehdeh ( ka semah ).
Sompral  : Kawas nu eweuh kasieun, meh sarua jeung sombong, nyarita sangeunahna.
Sonagar  : Wanter, teu eraan dina pasemon, wani nyanghareupan saluhureun bari tetep make tatakrama.
Sonagar Huma  : Sonagar taou teu kaciri dusun (dina basa)
Songong  : Heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluhureun dina cacarita.
Suhud  : Saregep, enya enya ngajalakeun pagawean.

Tangginas  : Rikat, cepet ngagerakkeun awak atawa anggahotana.
Taledor  : Lalawora, teu tigin kana kawajiban.
Tambelar  : Ngabaekeun kana kawajiban
Telenges  : Gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya.
Tulaten  : Genten, titen, henteu lalawora dina ngurud gawe.

Wacis  : Binekas, pinter atawa binangkit.
Wandu  : Awewe nu tingkah lakuna siga lalaki.
Wani  : Sanggup nyanghareupan sarupaning perkara.
Wanter  : Sonagar, teu eraan sarta teu dusun.
Wijaksana  : Pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanna hasil timbangan pikiran anu daria.

Sumber : http://lab-sunda.blogspot.com/2014/02/SifatKelakuanManusia.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar