Conto Bubuka Panata Acara

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Panuhun luluhung kalbu, paneda kajembaran manah.

Puji, kalayan pamuji nu sajati nu janten panghias ati nu ngancik dina sanubari, minangka mimiti dina ieu ngaji urang sami panjatkeun kanu maha suci buktosna Alloh Robbul Izati.

Puja, kalayan pamuja anu sanyata nu janten panghias basa nu nyaliara dina waruga minangka bubuka sina ieu carita urang sami sanggakeun kanu maha kawasa buktosna Alloh Subhanahu Wata'ala.

Syukur anu janten papaes umur, minangka panutur na ieu catur urang sami kucurkeun anu maha luhur buktosna Alloh Robbul Ghofur.

Nu mana kalayan Kudrot sareng Irodat mantena urang sadaya tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok, anu Insya Alloh hempak murbayaksana urang di ieu majlis pangaosan teh taya sanes ngagaduhan niat anu sami, kahiji niat silaturrahmi kadua tolabul'ilmi.

Kalihna ti eta, solawat kalih kawilujeungan mugia sapapaosna di kocor golontorkeun ka panutan alam, pahlawan revolusioner islam. anu prantos ngaluarkeun umat manusa ti jaman anu poek mongkleng buta rajin, ka zaman anu caang padang narawangan pinuh ku cahaya kaimanan. Anu parantos nyandak umat manusa ti zaman kabiadaban ka zaman peradaban. Buktosna HABIBANA WANABIYANA WAMAULAANA MUHAMMAD SAW.

Oge teu kakantun ka para kulawargina, para sohabatna tug dumugi ka urang sadaya salaku ummat anu ta'at tur patuh kana ajaran mantena. Mudah-mudahan isuk jaganing geto dina nalika bancang pakewuhna kiama urang sadaya kapaparin safaatul udzma ti mantena.... Amiiin.... 

Sumber :http://yayasuryapringga.blogspot.co.id/2013/12/conto-seni-bubuka-pidato-basa-suda.html

0 Comments

S Pink Premium Pointer Cool Blue Outer Glow Pointer