Analisis Carpon Sunda

Carpon “Ganda Campuran” (2007) Karya Kang Ya
Tisna nyaeta guru olahraga lulusan ti UPI atanapi IKIP taun 1988. Ngahonor sataun, tuluy menang SK ditempatkeun di SMPN1 Sukabumi, menangkeun pamajikan urang sukabumi ngan bibit buitna mah ti Cimalaka Sumedang. Menang limawelas taun ngumbara di Sukabumi. Taun 2004 dimutasi ka Sumedang di SMPN1 Darmaraja. Manehna ngawangun imah hasil warisan, tanahna gigireun imah bapana.
Lantaran Guru Olahraga, Tisna oge milu aub campur di GOR milik kacamatan Darmaraja, ngiluan PB Darmaraja Tandang. Di dinya Tisna panggih jeung batur sa-SMA baheula,SMA Situraja, ngarana Entin Kartinah.
Sihoreng Entin teh anggota PB Darmaraja Tandang oge, tangtu Tisna jeung Entin teh jadi remen panggih unggal poe salasa jeung jumaah pas latian badminton. Kulantaran geus kolot, arang-langka nu maen tunggal the jadi sok maen ganda bae, remena mah ganda campuran. Tisna remen maen ganda campuran jeung Entin, pasangan ganda campuran Tisna-Entin teh kasebutna pasangan pangkuatna. Hubungan Tisna jeung Entin teh beuki layeut, tapi ngan saukur di jero GOR wungkul. Hubungan layeut eta teh disababkeun osok diskusi samemeh maen, atawa diskusi nu ngenaan jeung badminton. Kakara tilu bulan, pasangan Tisna-Entis teh geus kungsi jadi juara sa-Kacamatan Darmaraja, malah kungsi asup ka semifinal dina kajuaraan badminton usia diatas tilu puluh taun sa-Kabupaten Sumedang.
Dina hiji mangsa Entin teu datang ka GOR, Tisna ngarasa leungiteun. Tisna nanyakeun ka babaturan nu sa-GOR naha Entin teu datang. Tapi kadonkah diheureuyan ku babaturan nu di GOR teh jeung tungtungna mah jadi ngomongkeun yen Entin teh randa, kusabab entin kaparego keur ngalambang sari jeung brondong rerencanganana Neng Ikeu salaku anakna Entin.
Poe minggu rengse balik ti sawah, Tisna langsung balik ka imah rek tuang. Tapi pamajikanana teh kadon ngagojod dina kasur bari disisimbut. Tisna bingung naha pamajikanana ngadadak kitu. Kusabab lapar, manehanana langsung tuang. Saenggeus beres tuang pamajikanana nyamperkeun Tisna, bari jeung mikeun hp kaciri nahan kakeuheulna teh. Pamajikanana nitah Tisna maca sms ti Entin. Singhoreng Entin teh remen pisan ngasms ka hp Tisna, ngan lantaran Tisna mah tara pisan rapekan kana hape, jadi nu narima sms ti Entin teh nyaeta pamajikan Tisna.
Kusabab nengetan kana kasatiaan pamajikanana, kanyaah jeung kadeudeuhna, jeung inget carita babaturanana basa di GOR, ahirna Tisna nyieun hiji kaputusan rek ngolesad lepas pasangan ganda campuran jeung Entin Kartinah. Sangkan teu jadi goreng kaditu kadieu Tisna nyieun alesan eureun ti PB Darmaraja Tandang teh lantaran rek pindah ka PB Corenda Mangkak, Kacamatan Cisitu.
1.      Analisis Struktur Carpon
1.1  Tema Carpon “Ganda Campuran”
Tema nu aya dina carpon ieu teh nyaeta “ Dina rumah tangga teh sok aya wae gogoda eta teh datangna boh ti pihak lalaki jeung ti pihak awewe atawa ti pihak katilu”
Gogoda rumah tangga nu dipaparkeun di carpon ieu teh ditepikeun liwat pihak lalaki nyaeta Tisna nu ti mimiti awal carita nepika ahir carita, gogodana teh datangna ti pihak katilu nyaeta Entin Kartinah babaturan sa-SMA Tisna anu nyebabkeun pamajikan Tisna timburu.
1.2  Galur
Galur dina carpon “Ganda Campuran” bisa digambarkeun di handap ieu :
Tisna kaluar ti PB Darmaraja kusabab Entin pasangan ganda campuranana teh osok ngasmsan wae ka Tisna jeung eta sms teh ditarimana ku pamajikan Tisna. Eusi smsna teh semu ngagoda. Lantaran sieun rumah tanggana ancur, Tisna mutuskeun kaluar ti eta PB Darmaraja terus pindah ka PB Corenda Mangkak.
2.2.1 Jenis Galur
Lamun ditingali secara umum, galur dina carpon ieu teh polana sebab akibat. Tokoh Protagonis narima akibat ku sabab. Akibatna pamajikan Tisna ngambek ka Tisna lantaran maca sms ti Entin anu semu mesra jeung ngagoda. Ahirna daripada rumah tangga Tisna ancur garagara Entin nu osok ngasmsan wae, Tisna mutuskeun kaluar ti PB Darmaraja. Ieu disababkeun kulantaran hubungan Tisna-Entin the layeut jadi pasangan ganda campuran jadi osok remen panggih. Singhoreng Entin the nyimpen rasa suka ka Tisna
2.2.2 Unsur Pangwangun Galur
2.2.2.1 Konflik
Konflik nu digambarkeun  ku pengarang dina carpon ieu teh basa Tisna  balik ti sawah, pamajikan Tisna ngagojod disisimbut di kamar padahal isuk-isuk mah teu kunanaon. Jeung Tisna bebeja lapar teh kadon jadi beda pamajikanana. Sanggeus beres tuang pamajikan Tisna nyamperkeun bari mawa hp kaciri nahan kakeuheul ka Tisna. Singhoreng dina hape teh aya sms ti Entin anu eusi sms na teh semu ngagoda. Jadi weh pamajikan Tisna teh ngambek , ku kituna Tisna mutuskeun kaluar ti PB Darmaraja.
2.2.2.2 Pembayangan
Pembayangan digambarkeun pengarang liwat sababaraha kajadian nyaeta
1.      Basa Tisna awal papanggih jeung Entin babaturan sa-SMA  na baheula, tisna semu poho ka Entin teh. Tapi saenggeus diinget-inget deui Entin teh babaturan basa SMA anu kelasna gigireun kelas Tisna. Ahirna mah Tisna inget ka Entin .
2.      Basa Tisna di sawah ngala daun antanan, inget carita Pa Yaya guru Biologi nu nerangkeun mangpaat daun antanan
3.      Basa di sawah ngabayangkeun ngenah engke tuang jeung antanan dicoelkeun kana sambel oncom.
4.      Basa dibejaan aya sms ti Entin ku pamajikanana, manehanana inget mun Entin the osok natanyakeun yen sms the nepi henteuna
5.      basa apal pamajikan ngambek maca sms ti Entin, Tisna inget kana caritaan babaturan di GOR yen Entin the randa jeung pernah kaperego keur ngalambang sari jeung babaturan Neng Ikeu anak Entin.
6.      Basa nginget-nginget kana kasatiaan pamajikanana, anu pinuh ku kanyaah jeung kadeudeuh ka Tisna salaku salaki.
2.2.2.3 Suspense
Suspense atawa panundaan dina carpon ieu teh digambarkeun Entin Kartinah teu datang basa di GOR jeung tara dicaritakeun deui kaayaan Entin anu nyebabkeun panasaran numaca carpon.
1.3  Tokoh dan Penokohan
1.3.1     Tokoh
Tokoh Protagonis dina carpon “Ganda Campuran” teh nyaeta Tisna. Tokoh ieu lamun ditingali teh kaasupna tokoh ti lapisan social menengah. Tisna pagaweanana Guru Olahraga lulussan ti UPI. Jadi lamun dibandingkeun jeung lapisan social masyarakat biasa, manehna satingkat leuwih tinggi
Tokoh Antagonis dina carpon ieu teh nyaeta : Pamajikan Tisna, Entin Kartinah, Dua anakna Tisna, Bu Encum, Pa Undang, Bu Epon, Bu Empong, Pa Tarman, 
Kaluarga tokoh Protagonis kagolong status social biasa.
1.3.2                 penokohan watak
Penokohan watak dina carpon ieu digambarkeun yen Tisna teh salaki anu satia, nyaah ka pamajikan jeung ka anak, jeung tara salingkuh. Hal ieu digambarkeun basa apal Entin nga sms semu mesra jeung ngagoda tisna langsung mutuskeun rek kaluar ti PB Darmaraja. tersurat dina kutipan di handap :
“Pantesan atuh Entin Kartinah sok natanyakeun naha katampa sms ti manehna, jawaban kuring teh cukup ku henteu. Sihoreng pamajikan anu sering narimana. Ras inget deui kana caritaan Bu Empong. Pa Tarman jeung nu sejenna ngenaan Entin Kartinah tea, aya rawa was-was, wah boa-boa. Menang mikir mulak-malik kabeh diinget-inget jeung dianalisa ku uteuk. Kitu deui kuring neungetan kana kasatiaan, kanyaah jeung kadeudeuh pamajikan, sakitu pujieunana, tara lesot borosot estu gede tinimbanganana. Sanajan keuheul sakumaha keuheul, ningan pamajikan teh angger nyadiakeun dahar, nyadiakeun sambel, keur colekeun antanan. Nya camberut saetik mah wajar bae atuh ngaranna ge nu timburu, tanda gede duriat jeung kacinta ka kuring. Inget deui kana papatah ajeungan jeung papagah indung bapa kuring, oge papatah mitoha urang teh kudu nyingkahan pitnah jeung pipaseaeun. Kabeh dipikir dibulak-balik, diterey diutahkeun. Antukna kuring nyieun hiji putusan, ngolesad lepas pasangan ganda campuran jeung Entin Kartinah. Sangkan teu jadi goreng ka ditu kadieu, kuring nyieun alesan, maksud rek ereun ti PB Darmaraja tandang, rek pindah ka PB Cisitu, enya ayeuna kuring geus jadi anggota PB Corenda Mangkak, kacamatan Cisitu.
1.4              Latar/Setting
1.4.1        latar tempat
Kajadian dina carpon “Ganda Campuran” teh digambarkeun di Sumedang, di kacamatan Cisitu jeung kacamatan Darmaraja
1.4.2        latar waktu
Dina carpon ieu dicaritakeunana sakitaran taun 2004
1.4.3        latar sosial
Umumna, kajadian dina carpon ieu teh aya ngagambarkeun kaayaan di lingkungan sosial masyarakat kalangan menengah  
1.5              Amanat

Dina carpon “Ganda Campuran” aya amanat nu bisa dipetik nyaeta lamun geus rumah tangga the urang kudu jaga jarak jeung lawan jenis sejenna. Lantaran bisa wae setan ngagoda ka diri urang supaya rumah tangga nu dibina the ancur. Rumah tangga the kudu dijaga bener-bener boh ti pihak lalakina atawa ti pihak awewena. Ngarana perkawinan nu syah kudu dijaga, mun bisa mah sakali Saumur hirup. Kasatiaan nomor hiji kunci dina ngawangun rumah tangga. 

Sumber :http://saputrarichard7.blogspot.co.id/2014/09/analisis-carpon.html

0 Comments

S Pink Premium Pointer Cool Blue Outer Glow Pointer