Agul : Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangaboga
Ancad laer : Nyaritana anca pisan atawa laun.
Angguklung : Gede hulu, adigung.
Ancin : Cemi, daharna saeutik.
Aral : Teu sugema ku kayaan.
Andalemi : Lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna.
Balabah : Berehan, daek barang bere kabatur.
Bahula : Teu nurut kanu parentah.
Basangkal : Budak nu teu nurut ka kolot.
Baragajul : Sesebutan ka jalma anu kalakuanna teu eucreug.
Banci : Lalaki anu kalakuanana cara awewe.
Baketut : Pasemon nu camberut, goreng budi, goreng semu.
Basilat : Licik, teu jujur, curang.
Bakakasikang : Awewe anu kalakuananacara lalaki.
Bangor : Nakal, badeur, pikasebeleun, teu nurut kana panyarek.
Barangasan : Babarian ambek.
Bawel : Cerewed, loba ngomong (awewe)
Berewit : Babarian katerap panyakit, mindeng gering, atawa budak nu rea kahayang tur hese dicumponana.
Bedang : Wangkelang, begedong, murugul mawaa karep sorangan.
Binekas : Perceka, pinter, loba pokal nu aralus, kreatif.
Bodo : Belet, kuled uteuk, hese ngarti, hese diajar.
Biko : Bodo
Binangkit : Cakep, rea kabisa.
Boyot : Kendor (leumpang) bangun barerat awak.
Bodo Alewoh : Bodo tapi daek tatanya.
Bodo Katoloyo : Bodo bari tara daek tatanya.
Bolon : Can pati nyaho bebeneran, balata-baloto keneh.
Borangan : Eweuh kawani
Calutak : Saharti jeung caluntang
Calakan : Babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu anyar.
Calimud : Daek ceceremed, cocorokot, panjang leungeun.
Cakep : Bisa milampah pagawean sakumaha mistina.
Caluntang : Teu make bemakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun.
Campoleh : Lelewodeh, henteu junun, lalawora kana gawe.
Canteng : Tegep, gandang pertentang.
Careraman : Budak nu kabitaan ku barang nu aya di batur, tuluy mentaaa.
Capetang : Pinter tur lancar ngomong (biasana di larapkeun kana budak)
Celembeng : Loba ngomong (Budak leutik)
Cerewed : Awewe nu rewel, loba ngomong
Cidra : Teu nohonan jangji, jalir.
Cileureun : Balangah, teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga.
Cemi : Daharna saeutik.
Cilimit : 1. Budal nu resep ngaheureuyan (ka awewe) 2. Sok menta kadaharan nu aya di batur.
Cirigih : Budak nu resep ngaheureuyan batur.
Cologog : Kalakuan nu teu make tatakrama.
Cucud : Milampah hiji hal kalawan terus terusan (leukeun) tepi ka jacungna, teu kapalang dina gawe.
Codeka : Laku lampang goreng ka batur.
Cucungah : Calutak, nyaluntang, ngalawan kana parentah kolot.
Cuih : Sagala di beja beja, beuki teuing ngomong.
Culika : Julir, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur.
Cudek : Tungi, goreng budi, omonganana teu matak resep.
Culanggung : Belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama.
Curaling : Sok resep pullang-paling, teu beunang di percaya.
Cupet : Bodo, heureut panalar.
Cumenos : Budak nyanyahoanan.
Curang : Licik, sok ngagunakeun akal tarekah kotor pikeun kauntungan diri sorangan.
Daria : Migawe hiji hal kalawan enya-enya, teu lelewodeh.
Dahdahneng :Budak kalakuanana sakapeung ngogo. Sakapeung ngagalakan.
Darugian : Teu payaan, babari pundung (budak)
Dedegler : Gampang teu teunggeul bari tara asa asa, taya rasasaan.
Degig : Apilain ka nu geus wawuh, teu nanya nanya acan, sombong.
Deleka : Julig, resep nyusahkeun batur.
Delitan : Budak babari pundung, hese kacumponan kahayangna teu kaopan.
Dengki : Goreng hate, sok nyilakakeun batur.
Deugeul : Kurang ingetan.
Doroi : Julig, resep nyilakakeun batur.
Dolim : Nempatkeun perkara lain dina hakna, teu adil, bengis.
Durjana : Jahat, goreng lampah.
Dursila : Goreng lampang, teu ngendahkeun kasusilaan.
Elodan : Babari kagoda ku sual sual sejen dina keur ngajalankeun papancen, henteu junun dina gawe atawa di ajar.
Epesmeer : Babarian ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri.
Eucreug : Bener, beres dina gawe jeung laku lampah.
Eusleum : Rada gelo, kurang ingetan.
Gagabah : Lalawora, kurang ati ati.
Gedebul : Gede bohong, gede wadul.
Gelenye : Awewe nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasana teu puguh adatna.
Gehgeran : Nurutan omongan batur (bari reuwas)
Gebleg/Gelo : Burung, teu waras ingetan.
Gentur : Getol ngulik elmu, cucud, leket atawa sudud.
Geten : Tulaten, nembongkeun ka jelema ( pangpangsa ka kolot).
Gejul : Kurang ingatan.
Getol : Daekan, daek atawa resep digawe.
Gujih : Ngarasa punjul ti batur lantaran boga barang nu eweuh di batur.
Gorejag : Babarian hudang.
Gumanti : Ati ati, saregep.
Gumenak : Memenakan, niron nrion menak sabab hayang disebut menak, adigung.
Guranyih : Resep nembong nembongkeun barang kaboga atawa resep nukeur nukeurkeun barang nu anyar keneh dipiboga.
Haat : Hade hate, resep migawe kehadean teu karana buruhan atawa pujian.
Harak : Gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
Handap lanyap : Hormat tapi matak nyentug kanu hate.
Handap Asor : Daek ngahormat ka batur.
Haripeut : Gancang narima pamere, kancang nurut kana pangajak.
Hariweusweus : Haliwu, nyarita bari rada gugup lantarang manggih kareuwas, kasieun, atawa kaget.
Hasud : Dengki, teu resep nempo batur senang.
Harung gampung : Sompral, ngomong sangeunahna. Babarian ambek.
Hawek : Hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang, panglobana.
Heman : Nyaah bari sok barang bere atawa mindek ngalongokan.
Hianat : Cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka musuh.
Hideng : Nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoe dina waktuna, nyaho di tempat sorangan.
Jalingeur : Tanginas, cangker
Jabat : Goreng lampah, goreng patekadan.
Jalingkak : Awewe nu boga tingkah kawas lalaki.
Jarambah : Resep ulin atawa resep indit-inditan jauh.
Janglar : Bisa nandangan kasusah, teu dipake nguluwut.
Jatmika : Alus budi matak kayungyun.
Jatnika : Mulya, senang.
Jeceh : Reeus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur dipake, atawa mindeng nembongkeun barang kaboga( dilarapkeun kana kalakuan budak).
Jengle : Budak awewe nu teu daek cicing, loba tingkah bari gumeulis.
Joledar : Lalawora nyumponan kawajiban, teu tulaten ka nu jadi baraya atawa kolot.
Jete : Gumeulis, teu daek cicing, supaya meunang perhatian.
Jucung : Migawe hiji hal tepi ka rengse, beres tamat.
Jujur : Tara nyumput-nyalindungkeun hiji pasualan, tara milampah serong, teu kagoda ku ruruba.
Judes : Kucem, goreng budi, resep sesentak.
Karooh : Mikahayang barang teu pira, barang saeutik, atawa nu eweuh pangajina.
Kancolah : Loba tingkah.
Kecing : Borangan, kasieunan.
Kedul : Tara daek barang gawe.
Kesit : Tangginas, gancang tur beres dina milampah pagawean.
Keukeureuweut : Terus terusan ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di tangan batur kalawan satengah maksa.
Kodomoyo : Boyot, sagala nu kendor (leumpang, digawe), henteu tanginas.
Koret/Kumed : Medit, tara daek barang bere.
Kuuleun : Taya guam, eweuh kadaek.
Lalawora : Gagabah, teu ati ati, teu gumati.
Lancang : Kurang ajar, teu sopan ka saluhureun.
Lanca-Linci : Laca-lece, luncak mulang, teu tigin kana jangji.
Lelewodeh : Lalawora.
Leleda : Kendor, alon alon dina milampah hiji pagawean.
Leukeun : Daek ngeureuyeuh digawe
Leumpeuhyuni : Babari kapangaruhan, teu tahan gogoda.
Lihay : Pinter kodek, loba akal bulus.
Limpeuran : Pohoan ( nu geus kolot)
Linglung : Limpeuran loba poho.
Linyok : Kalakuan nipu atawa ngabohong.
Liwar : Notorekkeun maneh, teu ngagugu kana parentah atawa pepeling.
Luhung/Linihung : Luhur budi, mulya hate sarta luhur elmu panemu.
Mencedel : Moyodok, goreng gawe, tara kabubuatan.
Medit : Koret, tara daek barangbere.
Melid : Kedul, mumulan, tara daek barang gawe.
Melencing : Kedul, mindeng teu datang ka pagawean.
Merewedeng : Kekeuh mawa karep sorangan.
Motekar : Ngalampahkeun rupa rupa usaha pikeun nambahan kanyaho atawa pikeun ngomean nasib.
Nalaktak : Budak nu resep ujlan ajlengan, tataeka jeung sajabana. Nu matak nyilakakeun.
Nakal : Bangor
Ngekrek : Koret, medit, tara daek barang bere.
Ngeleyed : Nyabudi ucing, kawas nu lungguh tapi mun bongoh ti batur sok milampah pagawean nu teu uni.
Ngulet : Resep hudang beurang, padahal geus nyaring.
Nurustunjung : Notorogan, teu boga kaera matak cua.
Nirca : Nista, nyimpang tina papagon agama jeung darigama.
Owel : Ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana.
Pangeretan : Awewe atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa banda ti jalma nu didiekuetna.
Pasagi/Masagi : Sagal bisa.
Peupeuleukeuk : Nonjolkeun maneh kawas nu pinter loba kabisa, jajagoanan, padahal henteu.
Pertentang : Capetang, bisa nyarita, gandang.
Poksang : Wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareupeunana tir tara didingding kelir.
Rapekan : Daekan digawe migawe rupa rupa pagawean.
Rancage : Cakep, rea kabisa.
Rancingeus : Tanginas, cakep.
Rewel : Loba omong anu matak pikapusingeun.
Rewog : Gembul, daharna gancang tur loba.
Ririwit : Geringan
Rucah : Resep ngalajur napsu.
Rucita : Binangkit, rea kabisa.
Sabar : Tawekal dina ngarandapan kasusah atawa musibah.
Saliwang : Sok salah denge atawaa salah harti.
Singer : Hade gawe, hideng, tara nunggu parentah.
Sombong : Gede omong, ngagulkeun maneh, takabur.
Someah : Akuan tur amis budi, darehdeh ( ka semah ).
Sompral : Kawas nu eweuh kasieun, meh sarua jeung sombong, nyarita sangeunahna.
Sonagar : Wanter, teu eraan dina pasemon, wani nyanghareupan saluhureun bari tetep make tatakrama.
Sonagar Huma : Sonagar taou teu kaciri dusun (dina basa)
Songong : Heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluhureun dina cacarita.
Suhud : Saregep, enya enya ngajalakeun pagawean.
Tangginas : Rikat, cepet ngagerakkeun awak atawa anggahotana.
Taledor : Lalawora, teu tigin kana kawajiban.
Tambelar : Ngabaekeun kana kawajiban
Telenges : Gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya.
Tulaten : Genten, titen, henteu lalawora dina ngurud gawe.
Wacis : Binekas, pinter atawa binangkit.
Wandu : Awewe nu tingkah lakuna siga lalaki.
Wani : Sanggup nyanghareupan sarupaning perkara.
Wanter : Sonagar, teu eraan sarta teu dusun.
Wijaksana : Pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanna hasil timbangan pikiran anu daria.
Sumber : http://lab-sunda.blogspot.com/2014/02/SifatKelakuanManusia.html
0 Comments